Duka Teu Ngiringan
Dina WA grup aya surat undangan rapat. Baca sajorelat. Da puguh keur riweuh. Langsung nulis jawaban, “Mangga Pa”. Maksud supaya katinggali eta surat geus dibaca jeung kuring siap milu rapat.
Ret kana waktuna rapat. Alah ningan jam salapan. Ah, gewat we nulis deui chat. “Abdi rada siang sakeudik bade rapat ortu heula”
“Teu acan aya sasaha
gening, Pa.”
“Di mana Ibu?” Ceuk
pimpinan kuring.
“Di Gedung PGRI.”
“Naha bade naon di Gedung
PGRI?”
“Pan Bade Rapat, sesuai
sareng Uleman ti Bapa.”
“Ibu, ayeuna dinten
Jum’ah. Rapat mah dinten Saptu.”
“Astaghfirulloh, aduh...
Abdi gagal focus.” Ceuk kuring bari nepak tarang. Belengeh seuri sorangan.
“Ha ha ha ..” Jawab
pimpinan kuring bari nembongkeun stiker tepuk tangan dua kali jeung stiker anu
lumpat.
“Aduh litersi abdi awon.”
“Duka ah, teu ngiringan.”
Shardun Tabayun,
Sukasari, 23 Okktober 2020


0 komentar