Carpon Ti Samsudin Sam
Hanas Lauk Teu Dicokot
Kabiasaan di pakampungan lamun menang kabungah, boh menang rizki, boh awak cageur, rek hajatan ngawinkeun, nyunatan budak jeung rea-rea deui. Saluyu jeung parentah Alloh ngeunaan syukuran. Jalma atawa kulawarga anu menang kabungah teh sok ngayakeun riungan, nyaeta rek nembrakkeun rasa kabunagah ka Gusti Anu Maha Suci ku jalan syukuran.
Di lembur kuring, aya salah
sahiji kulawarga anu kawilang kulawarga cukup. Dina waktu harita ngondang ka
masyarakat, khususna ka ahli masjid . Nyaeta rek ngayakeun syukuran anu waktuna
bada isa. Pa Ustad ngajakeun ka ahli masjid kaasup barudak keur ngadatangan ondangan syukuran.
Acara syukuran dimimitian ku
biantara anu boga alpukah nembrakeun pamaksudan ngondang dina waktu harita. Anu
saterusna dipasrahkeun keur mingpin doa jeung sajabana ka Pa Ustad.Derekdek Pa
Ustad ngaguar kautamaan jalma anu remen syukuran. Kuring jeung babaturan
unggut-unggutan jiga anu enya merhatikeun pedaran pa Ustad. Padahal mah
unggut-unggutan bari nundutan.
Gurubug kuring ngagurubug kageuingkeun
ku sora anu nga-amin-keun doana pa Ustad. Dadak sakala panon cenghar. Alhamdulillah acara beres. Nu boga imah
nganuhunkeun ka kabeh anu hadir jeung
ngahaturanan nitah ngasaan dahareun anu
geus sadiakeun dina meja
Dimimitian ku Pa Ustad, kuring
jeung babaturan gewat milu antri nuturkeun Pa Ustad. Piring dicokot, siuk
nyodok sangu. Panon rurat-reret jiga panon heulang nempoan naon wae anu aya
dina meja. Katinggali dina hiji wadah keureutan ati sapi numpuk. Rupana
piuruyeun. Sok sanajan kurang jelas, tapi kuring yakin, yen tumpukan eta mah
pasti ati sapi. Malum urang kampung
jarang manggih deungeun sangu anu kitu. Teu mikir Panjang, kuring nyokot dua
keureut da pangrasa deungeun sangu eta
nambru. Jigana bakal mahi keur tamu ondangan tilu keureut sewang mah. Itung-itung keur gantina kuring
teu nyokot lauk jeung asin.
Habek ngahuap sangu jeung ati sapi tea. Terus dicapek bari dirasa-rasa. Eureun
heula nyapek. Letah digerak-gerakeun, ngararasakeun ati sapi. Dicapek deui. Naha
ati sapi teh rasana kieu . Asa-asa wawuh rasa pasakan kieu mah. Teu beda jeung
rasa pasakan anu biasa dipasak ku indung
kuring. Ah, ieu mah lain ati sapi. Kitu gerentes hate.
Panasaran, ku kuring dicaangan ku
senter naon anu dicokot tadi teh. Barang bray disorot, mana horeng anu disangka
lapis ati sapi teh, gening terong panjang anu warna ungu. Dipasak dilapis jiga
ati sapi.
Bari olohok, sihoreng nyalahan tina sangkaan. Hanas lauk
jeung asin teu dicokot. Kuring kabobodo tenjo.
(Sam, 11 November 2020)
Anu ngageugeuh Citawa



Anu ngageugeuh Citawa turun gunung
BalasHapus