Sajak-Sajak Ipan Ridwan
Rungsing
Sakedapan hemeng
Dina tangtung peuting nu
masih panjang
Basa cahaya bulan mabrak
naranjangan
Sagigireun bentang mubyar
nu laluncatan
Lir katebak angin marengan
herewos kasuka
Kiwari.
Imut anjeun meredongna
ngarungkup diri
Mawa hebos kacua nu
balawiri
Silih udag ku tunggara
Renghap anjeun mawa cimata
Marengan urugna katugenah
Ngamalirkeun rasa mangrebu
kuciwa
Taya Harti
Ngencarkeun panenjo
wungkul
Halimun jadi lalangse
Eunteup dina gunung anu parentul
Keur dioconan heulang anu
kakalayangan
Didinya dina eta pasir
Meubeutkeun diri dianteur
angin
Lalaunan halimun nyimbutan
Panenjo jadi moekeun
Anu karasa ukur cimata
Nempoan panenjo anu teu
nempo
Marengan leketey hate
ngurugeun jajantung
Didieu
Ibun bajra noelan rasa
Nyingkahkeun lengkah
Makaulan diri dina tapak
anu nyata
Ningan teu wasa
Paneuteup kasawey
Dina lengkah leutik taya
harti



Hadeuh hèdèd pisan sajaknya, kantun ngabèntenkeun nyerat è-na
BalasHapusDuh....sugan teh kangge koleksi abah hungkul
BalasHapus